KHUTBAH JUMAAH Ka 4, Agustus 2022
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى جَعَلَ قُلُوْبَنَا مُطْمَئِنًّا لِذِكْرِهِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً تُنْجِيْنَا مِنْ عَذَابِهِ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ شَهَادَةَ مَنِ اتَّبَعَ لِسُنَّتِهِ وَ سُنَّةِ خُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ مِنْ بَعْدِهِ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ . صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَ طَاعَتِهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ أَ لَا إِنَّ أَوْلِيَاءَ اللَّهِ لَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَ لَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ
“Sing apal ! saestuna wali-wali {kakasih} Alloh teh henteu aya kahariwang pikeun maranehna jeung maranehna moal nalangsa”.{ QS. Yunus, ayat 60 }.
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !
Satiap jalmi nu ngaku iman ka Allah kedah dzikir ka Gusti Allah. Dzikir hartosna eling, diantarana sapertos emut yen diri teh makhluk anu diciptakeun ku Allah, emut yen diri teh makhluk anu hakekatna mah teu walakaya sareng teu tiasa nanaon, hirup dihirupkeun, usik diusikeun ku Mantena. Cindekna sagala rupa kajadian aya dina tapak qudrot sareng irodatna Gusti Allah SWT. Estu manusa mah:
لَا حَوْلَ وَ لَا قُوَّةَ اِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
Dzikir aya nu ku lisan saperti maos tasbih, tahmid, takbir, tahlil, haoqolah, sholawat, istighfar, do`a, maos Al-Qur`an sareng amar ma`rup nahyi munkar. Dzikir ku anggahota badan nyaeta ngalaksanakeun sadaya piwarangan Gusti Allah sareng nebihan laranganana, tegesna ku cara ibadah, boh anu mahdloh atawa ghoer mahdloh, sapertos milari elmu, kasab anu halal. Dzikir ku hate, nyaeta hate eling ka Allah, boh ku jalan tafakkur atawa tadzabbur. Ieu cara dzikir nu tilu tiasa kempel dina ngalaksanakeun shalat.
Upami manusa tos tiasa dzikir ka Allah dina satiap saat sareng saban tempat maka Ing Syaa Allah bakal kenging sababaraha kamanfaatan :
1. Katengtreman hate. Sadaya manusa anu hirup di dunya tangtos hoyong hirup tenang, ari timbulna katenangan tina hate, upami hatena tengtrem tangtos hirupna bakal senang, sabalikna upami hatena tagiwur seueur emutan, kasieun, kahariwang, tangtos moal aya katenangan, sedeng ari timbulna katengtreman tiasa hasil ladang dzikir ka Gusti Allah. Pidawuh Nu Maha Suci :
أَلَا بِذِكْرِ اللَّهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوْبُ
“Sing inget ! Yen ku jalan eling ka Alloh hate {manusa} jadi tengrem”. {QS. Ar-Ra`du, ayat 28 }
Dina hartos teu aya nu dipikasieun kajaba Allah, teu aya pangharepan kajaba wungkul ka Allah. Tapi oge katengtreman anu teu nganafikeun { ngaleungitkeun } kana ayana perasaan sieun ku Gusti Allah { QS. Al-Anfal ayat 2 } sareng sieun tina siksaan-Na { QS. Al-Ma`arij, ayat 27 }. Sieun maot suul khatimah, sieun mayunan hisaban, sieun amal teu ditampi sareng sieun teu kenging pangampura Allah.
2. Ditolakna ti sadaya makhluk nu maksud gawe jahat. Jalmi anu tos dzikir ka Allah dina satiap saat sareng saban tempat, tegesna tos tiasa to`at sareng ibadah ka Allah, eta jalmi tiasa kalebet kakasih Allah anu bakal kenging jaminan pertulungan ti Allah. Gusti Allah ngadawuh dina Hadits Qudsi anu hartosna : ” Saha jalma nu ngamusuh ka kakasih Kami,maka Kami nganyatakeun perang ka manehna”. { Tarjamah Hadits Qudsi, kaca 48 }.
3. Diijabah sareng dicumponan sagala kaperluanana.
5. Kenging ganjaran ti Gusti Allah. Mantena ngadawuh:
فَاذْكُرُوْنِيْ أَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْا لِيْ وَ لاَ تَكْفُرُوْنِ
“Mangka kudu eling aranjeun ka Kami, pasti Kami bakal inget ka aranjeun, oge kudu syukuran aranjeun ka Kami sarta ulah kalufur ka Kami “. { QS. Al-Baqoroh, ayat 152 }.
Maksad اَذْكُرْكُمْ teh nyaeta bakal ngaganjar {Tafsir Showi I, kaca 99}., sanes Alloh bakal eling ka aranjeun, da sanaos urang teu eling ka Allah, tetep Allah mah moal hilap ka urang. Oge dipasihan pangampura, kanyaah sareng kani`matan di dunya sareng di akherat {Tafsir Munir I, kaca 40}.
Hadirin Rahimakumullah !
Sohabat Muadz r.a. naros ka Rasulullah SAW. : ” Ya Rasulallah ! wartosan abdi amalan naon anu paling utama sareng paling nyaketkeun diri ka Allah ? “. Kanjeng Nabi SAW ngawaler :
اَنْ تَمُوْتَ وَ لِسَا نُكَ رَطْبٌ بِذِكْرِ اللهِ
“Anjeun maot dina kaayaan lisan anjeun masih baseuh ku dzikir ka Allah”.{ Tarjamah Hadits Qudsi, kaca 370 }.
Jalmi nu tara eling ka Allah pasti hirupna bakal seueur kabingung, moal tengtrem hate, moal aya katenangan, margi anu jadi udagan hirupna ukur kadunyaan, ngan harta jeung harta, akhirna ngalindih rasa bade maot mayun ka Allah. Dina hasilna oge moal aya kasugemaan dina hatena, margi asa kurang jeung kurang wae salawasna, dina henteu hasilna bakal timbul aral subaha jeung ngarasula atawa mungkin prustasi. Muga-muga urang sadaya kagolongkeun jalmi-jalmi anu ahli dzikir ka Allah SWT. !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَ لَكُمْ وَ لِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
KHUTBAH KA DUA
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ اَهْلِ الْحَمْدِ وَ مُسْتَحِقِّهِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الْقَائِمُ بِفَرَائِضِ اللهِ وَ سُنَّتِهِ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَ التَّابِعِيْنَ عَلَى مِنْهَاجِهِ وَ سُنَّتِهِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اُوْصِيْكُمْ و َاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ . اَللَّهُمَّ اَعِنَّا عَلَى ذِكْرِكَ وَ شُكْرِكَ وَ حُسْنِ عِبَادَتِكَ . رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ . وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّهَ مَعَ الْأَبْرَارِ . بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعالَمِيْنَ .
Tinggalkan Balasan